Rabu, 13 Januari 2010

Raksa Waruga

Bubuka

Bismillah seja wiwitan, kalayan Asma pangeran anu Maha Welas tur Maha Asih, Nu Hirup jeung Nu Mere Kahirupan, Nu Maha Kawasa jeung Ngawasa Kakawasaan,Nu Ngawasa Manusa jeung Usik Malikna, jeung Hirup Huripna, jeung Kudrat Irodatna.

Bismillah nujadi cekelan hirup, mimiti  pamuka lawang, muru gapura rahayu. Nyinglar setan ngusir iblis nu aya dina waruga, di eusi ku welas asih, di pamrih surtining ati melaan ucap jeung lampah. Ayeuna mangsana urang ngarawat nu jadi diri ngarumat karuhun luluhur urang.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu Maha Suci, Dzat nu ngatur sagala kaayaan sareng kahirupan alam dunya katut eusina. Solawat sareng salam urang curahkeun ka baginda anu mulya Nabi Muhammad SAW.

Mugia urang sadaya aya dina kanyaah sareng kadeudeuh Gusti, Nu hirup siang sinareng wengi, Nu Maha Nuduhkeun, Nu Maha Netepkeun, Nu Ngusik-Malikeun, Saestuna mung AnjeunNa, nu ngajaga urang sadaya. Nu Awal Nu Akhir, Dzat Laesa Kamislihi.

Alhamdulilah, puji sukur kanu agung, puja ning rasa kanu kawasa. Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masih dipaparin kasempatan hirup kanggo midamel pagawean anu hade, kanggo ngarobah laku-lampah anu teu alus, kanggo ngalakukeun sagala parentah-Na, Ninggalkeun laranganna-Na. Kumargi kitu hayu urang babarengan, urang raksa waruga urang bisi tereh sirna, ulah nepikeun ka leungit pangaji jeung jati diri nu sayakti. Kabeh rempug jukung sauyunan ngamumule babarengan, ulah rek sewang-sewangan. Sabeungkeutan silih asah silih asih jeung silih asuh.

Ayeuna hayu urang babarengan seja ngadua kanu kawasa, wirehna sabab urang makhluk anu lemah loba kakurang, seeur kabutuh jeung kahayang, miharep asihna gusti ngajugjug rohmatna Allah, nampi rizki nampa bagja kalawan mulus rahayu teu aya halangan sareng harungan.

Sok sanaos jauh ti alus anggang ti sampurna, muga-muga tiasa di janteunkeun alat kanggo ningkatkeun kaimanan urang, sareng ngahontal kana kahayang jeung kabutuh urang sarerea.

Ngalatih teu menta pamrih, ngajar teu menta di bayar, ngatik ngadidik kanu leutik, ngawarah ka para cacah. Teu talangke kana gawe malah beuki rancage, ngahiji ngabdi ka gusti nu Maha Suci.

Akhirna muga-muga ku widina Illahirobbi, jati diri pasti ngabukti. Jati diri moal kasilih ku junti, kahayang beunang ku gampang kasusah lengit tanpa arah.


Billahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb


Hanhan Rochanda